Jaman
kiwari, loba pisan jalma nu “gengsi” ngomong ku basa Sunda. Ahirna leuwih milih
ngomong ku basa Indonesia. Tapi hanjakalna teh balelol deuih, lantaran tetep
basa Indonesiana pacampur jeung basa Sunda. Malah cenah di sabagian wewengkon
mah basa Sunda teh geus mimiti ditinggalkeun pisan. Padahal ceuk pamanggih
kuring, hirup di wewengkon Priangan bari teu ngomong basa Sunda teh ibarat
angeun teu diuyahan, asa teu jejeg nyebut urang Sundana oge.
Ku
sabab kitu, basa Sunda kudu dimumule jeung dipiara sangkan ulah nepi ka musna.
Komo nepi ka ukur dianggap warisan tradisi mah, anu pamustunganana basa Sunda
ukur jadi rarangken musieum. Sakapeung kuring sok teu ngarti, naha kaayeunakeun
loba urang Sunda anu ngarasa gengsi lamun kudu ngomong ku basa Sunda ? Padahal
ceuk para ahli, basa Sunda teh kaasup salah sahiji basa anu beunghar ku kosa
kata, tina sakecap teh bisa nepi ka jadi sababaraha kecap.Upama bae tina kecap
anu nuduhkeun obahna panon, aya ngareret, ngarindat, ngiceup, meledeng,
meureundeuy, mureleng, buncelik, ngadilak jeung sajabana.
Jaman
ayeuna, abad duapuluh hiji ieu, dina pandangan salah saurang tokoh jeung
seniman Sunda, Pa Nano S, basa Sunda teh geus dianggap basa kelas tilu. Kahiji,
basa asing, utamana basa Inggris. Kadua, basa Nasional, basa Indonesia. Katilu,
kakara basa Sunda. Karunya nya…basa Sunda!.
Loba
bukti anu nuduhkeun yen kalobaan urang Sunda ngarasa gengsi ngomong ku basa
indungna sorangan. Dina kahirupan sapopoe, contona tukang dagang dina
natawarkeun daganganana teh leuwih milih ngagunakeun basa Indonesia tibatan basa
Sunda. Alesanana kliseu pisan, ceunah bisi nu meulina loba nu teu ngartieun.
Padahal manehna dagang teh di lingkungan Urang Sunda. Atuh sabalikna anu
barangbeulina deuih, remen kadenge ku kuring dina nawar barang anu rek
dibeulina teh sok make bas Indonesia, deuih. Asa aneh nya, nu dagangna urang
Sunda, nu meulina urang Sunda, cicing di daerah Priangan…tapi bet ngarasa
gengsi ngomong ku basa Sunda.
Ceuk
Ayip Rosidi dina bukuna “Masa Depan Bahasa Daerah : Kasus Sejarah dan Budaya
Sunda” kaunggel yen urang Sunda teh geus teu boga kareueus kana basa indungna
sorangan, sabab cenah basa Sunda teh teu penting. Hiji-hijina tarekah sangkan
urang Sunda bisa ngarasa reueus jeung nganggap basa Sunda penting, urang Sunda
kudu boga “prestasi” pinunjul dina sagala widang kahirupan.
Hayu
atuh, prung ah! Urang piara basa Sunda. Lamun teu ku urang, rek ku saha deui?
Post a Comment