NYANDU INTERNET
Lamun urang naek angkot, heug kabeneran
bareng jeung barudak SMP atawa SMA, aya nu matak narik paniten, nyaeta Basa
Sunda nu diparakena. Sakapeung mah sorangan sok tara pati paduli, barudak ABG
teh nyaritakeun naon jeung kumaha-kumahana, tapi lamun rajeun ditengetan
basana, geuning ngalartieun keneh kana Basa Sunda barudak rumaja teh, sanajan
geus campur aduk teu puguh jeung Basa Indonesia.
Rumaja kiwari, sanajan hirup di tatar
pasundan, katingalna geus leuwih reueus lamun make basa Indonesia tibatan basa
daerahna (basa sunda). Kacirina kawas nu ngarasakeun leuwih moderen jeung
gaul. Sabenerna mah teu salah eta oge ngagunakeun basa Indonesia teh, da memang
mangrupa basa nasional urang sarerea. Nu fungsina memang keur dipake
pikeun komunikasi jeung masarakat Indonesia liana, anu rupa-rupa budaya, adat
jeung basana. Read More,,,
RUMAJA JEUNG BASA SUNDA

GENGSI NGOMONG SUNDA
CARPON SUNDA
Posted by Ahmad Triyana
Jaman
kiwari, loba pisan jalma nu “gengsi” ngomong ku basa Sunda. Ahirna leuwih milih
ngomong ku basa Indonesia. Tapi hanjakalna teh balelol deuih, lantaran tetep
basa Indonesiana pacampur jeung basa Sunda. Malah cenah di sabagian wewengkon
mah basa Sunda teh geus mimiti ditinggalkeun pisan. Padahal ceuk pamanggih
kuring, hirup di wewengkon Priangan bari teu ngomong basa Sunda teh ibarat
angeun teu diuyahan, asa teu jejeg nyebut urang Sundana oge.
Ku
sabab kitu, basa Sunda kudu dimumule jeung dipiara sangkan ulah nepi ka musna.
Komo nepi ka ukur dianggap warisan tradisi mah, anu pamustunganana basa Sunda
ukur jadi rarangken musieum. Sakapeung kuring sok teu ngarti, naha kaayeunakeun
loba urang Sunda anu ngarasa gengsi lamun kudu ngomong ku basa Sunda ? Padahal
ceuk para ahli, basa Sunda teh kaasup salah sahiji basa anu beunghar ku kosa
kata, tina sakecap teh bisa nepi ka jadi sababaraha kecap.Upama bae tina kecap
anu nuduhkeun obahna panon, aya ngareret, ngarindat, ngiceup, meledeng,
meureundeuy, mureleng, buncelik, ngadilak jeung sajabana. Read More,,,
Post a Comment